Senin, 10 Desember 2018

Tutulisan

   Pasosore barudak huhujanan dilapang paranti mengbal, hareupeun kantor desa tukangeun kantor KRPH kehutanan. Taneuh na ledok kahujanan kotor kana baju nu dipake.Sora barudak rame diiringkeun ku nungaji kadenge ti sepiker masigit, lagit beuki poek lantaran tereh magrib. teu lila kadenge aya sora adzan ngabejaan yen waktu solat magrib teh geus tumiba. barudak bubar tuluy marulang ka imahna masing-masing, tos beberesih awak tuluy marandi di imahna sewang-sewangan.
Barudak nu tadi huhujanan bareng teh panggih deui di masigit, pan ari tos magrib teh waktu ngaji jeung pa ustad di masigit nepi ka datangna waktu isya. der barudak teh tuluy ngaderes hancana masing-masing.
   kapeutingnakeun langit halodo bentang baranang. barudak balik ngaji ti masigit arulin heula hareupeun buruan masigit ngadon nempo langit nu pinuh ku bentang. wktu beuki peuting barudak marulang ka imahna masing-masing, di imahna masing-masing barudak tuluy muka buku pelajaran sakola, nu rek niat ngerjakeun tugas ti sakola. kakarek muka buku listrik pareum da PLN aliran. Atuh barudak teh ngerjakeun tugas ti sakola ngan ukur di caangan ku lilin jeung cempor.